Parantos ngadawuh

1. Imam Al Hasan Al-Basri Sayyidut tabi'in koddasallohu sirraohu :
" Kaula hayang pisan ngabogaan emas sagede gunung Uhud keur Walimahan pangaosan Maulid Rosullulloh SAW. "

2. Imam Junaedi Al-Bagdadi Rohmatulloh Alaihi ngadawuh :
" Sing saha jalma anu ngahadiran Maulid Nabi Muhammad SAW, maka jelema eta bakal meunang kabungahan kalawan iman anu kuat "

3. Imam ma'ruf Al-Karhi koddassallohu sirrohu ngadawuh :
" Sing saha jalma anu nyadiakeun kadaharan, ngumpulkeun jalma², ngahurungkeun lampu², nganggo anggoan anu wareuteuh, seuseungitan sareung gigindingan keur maca Maulidna Nabi Muhammad SAW, maka Alloh SWT bakal ngumpulkeun jalma² anu tadi dina poe kiamh kalawan golongan² anu kahiji nyaeta para Nabi, sareung jalma tadi bakal aya dina darajat anu pangluhur² na, jeung sing saha jalma anu maca Maulid Nabi Rosullulloh SAW kana artos, tina emas, atanapi perak tuluy eta artos di campurkeun jeung artos² anu sejen na maka bakal timbul dina artos anu di campurkeun tea kalawan pinuh kabarokahan jeung eta jalmi moal ngalaman fakir jeung kosong dina sakuna, sareung moal sial leungeunna eta jalma kalawan barokahna Maulid Nabi Rosullulloh SAW. "

4. Tos ngadawuh Al;Imam Al-Yapi'i A-Yamani :
" Sing saha jalma anu ngempelkeun dulur²na tegesna jalma² anu islam maksudna keur maca Maulid Nabi Rosullulloh SAW, tuluy nyadiakeun kadaharan, jeung ngosongkeun tempat keur kaalusan tegesna eta jalma tadi sabab bisa ngayakeun Muludan, maka eta jalma bakal di hudangkeun ku Alloh SWT dina kiamah dihijikeun jeung jalma² anu baleneur jeung jalma² anu maot syahid."

5. Imam Assiri Siqti ngadawuh :
" Sing saha jalma anu ngamaksud kana hiji tempat anu di bacakeun dina eta tempat teh Maulid Nabi Muhammad SAW, maka temen² geus ngamaksud eta eta jalma kana sawareh patamanan tina patamanan surga, jeung teu pati² datang eta jalma kana eta tempat Maulid tea, anging karna cintana ka Kanjeung Nabi Muhammad SAW." anu sakumaha Rosullulloh ngadawuhkeun: " Sing saha jalma anu cinta ka Kaula mangka eta jalma sarta Kaula di Surga."

0 komentar:

Post a Comment

 
Top